Minggu, 18 Desember 2011

Contoh Biografi Bahasa Sunda


LAKSAMANA  LAUT RD. EDDY MARTADINATA

Eddy Martadinata teh pituing urang Sunda. Lahirna di Bandung, tanggal 29 Maret 1921. Ramana Raden Ruhiyat Martadinata, ari Ibuna Nyi Raden Suhaemi. Duanana oge wedalan Tasik, ngan beda kecamatan, Pa Ruhiyat ti Cisayong, ari Ibu ti Indihiyang. Duanana mibanda kasang tukang anu sarua, nyaeta lingkungan menak anu taat kana agama Islam. Nu matak, Pa Eddy Martadinata mah, salian meunang atikan ti sakola, atikan agamana oge kuat deuih.
Cita-cita jadi palaut geus tumuwuh ti jaman sakolana keneh. Nu matak sarengsena ti AMS teh, nyaeta sakola satingkat SMA jaman Walanda, nya neruskeun ka Zeevaat Technische School alias Sakola Tehnik Pelayaran, hanjakal teu bias neruskeun, kusabab eta sakola kaburu katutup lantaran kapeugat perang. Bari ngadagoan sakolana dibuka deui, pa Eddy digawe di kantor Besar Kereta Api Bandung. Basa aya beja Jepang muka deui sakolana, pa Eddy daftar deui ka Sakola Pelayaran Tinggi (SPT) di Jakarta. Kamampuhna nyangkem basa Walanda, Inggris jeung Jepang, Pa Eddy jadi siswa nu pangnyongcolangna, ku matak eta satamat ti SPT pa Eddy jadi guru bakti di SPT, malah saterusna mah kapapancenan jadi nahkoda kapal latih Dai-28 Sokwa Maru.
Kurang leuwih sapuluh bulan Pa Eddy mancen tugas di kapal latih Dai-28, awal sasih Agustus 1945 pa Eddy babareungan jeung babaturanna milu bajuang nyiapkeun kamerdekaan RI. Sanggeus Indonesia Merdeka, pa eddy milu marajian lahirna BKR laut nu engkena jadi TNI-Angkatan laut.
Pa Eddy Martadinata anu munggaran nyangking pangkat Laksamana di TNI-Angkatan laut teh. Anjeunna oge salah saurang tina dua pahlawan Nasional nu asalna ti jajaran TNI-AL. sawarehna deui nyaeta anu gugur di laut Aru teh nyaeta taya lian Yos Sudarso.
Pa Eddy Martadinata wapat tanggal 6 Oktober 1966 lantaran kacilakaan helikopter di wewengkon ruing gunung puncak.
Sanggeus pa Eddy Martadinata wapat teh, unggal poe pustaka Mangsa Karita ngamuat pamanggih katut tanggapan masarakat kana pajoangannana, ti mimiti surat pembaca, artikel, malah teu saeutik anu winangun sajak, tandaning yen pa Martadinata dipika cinta ku rakyat.          

1 komentar:

  1. The 13 best casinos in New Jersey
    We'll also provide detailed review of some of the best New 이천 출장샵 Jersey casinos in the 제주 출장마사지 state. 고양 출장안마 Check out 군산 출장샵 the 서귀포 출장안마 overall quality and safety of the  Rating: 2.7 · ‎5 votes

    BalasHapus